Bandung discussion
Sejarah, Kesenian, Budaya, dsb
>
bagi-bagi cerita basa sunda
date
newest »


Sok atuh nu sanesna bagi2 carios lucu supaya bisa seueurian...( Seuri sorangan ge teu nanaonnya )..:)

Ugit wrote: "Ngahakan nu dimaksad ku si awewe teh masihan hak sapatu. ari nu disangka ku si tukang sol sapatu ngahakan teh nuang-->memakan."
:D
jd lucu atuh ari kitu mah :)
hatur nuhun
:D
jd lucu atuh ari kitu mah :)
hatur nuhun
Erie wrote: "Ngiringan ah...
http://www.goodreads.com/story/show/2...
http://www.goodreads.com/story/show/3..."
asli lucu.. ^^
duei...deui...
tos lami yeuh teu aos rubrik Barakatak dina Mangle ^^
http://www.goodreads.com/story/show/2...
http://www.goodreads.com/story/show/3..."
asli lucu.. ^^
duei...deui...
tos lami yeuh teu aos rubrik Barakatak dina Mangle ^^

basa mang Juned keur ngobrol jeung pak Kosim di teras imah, anakna keur uplek maen koleci jeung anak pak Kosim. Keur anteng maen koleci, ujug-ujug gejlo weh aya bangkong luncat ka deukeut barudak nu keur maen koleci, atuh barudak teh rareuwaseun.
Anak mang Juned: "Ih, awas aya bangkong, aya bangkong"
Anak pak Kosim : "Idih, ada kodok, ada kodok"
Anak mang Juned: "Yeeh, tong di kodok, geuleuh"
Atuh mang Juned jeung pak Kosim nu ngadengekeun sing cakakak

Hiji poe Bu Mirna guru SD kelas lima keur nerangkeun hal kawajiban nuntut elmu. Sanggeus nerangkeun tuluy Bu Mirna nanya ka barudak kelas lima.
Bu Mirna, "Barudak, ari nuntut elmu teh kawajiban saha? Naha kawajiban Ibu atawa maneh?"
Barudak, "Maneeehh......!" Ceuk barudak saur manuk.
Bu Mirna baeud.

Jang Imat nyampeurkeun tuluy nanya ka ninina si Nana.
Imat, "Punten Ni, ari Nana aya di ompok deh?"
Nini, "Aya bieu mah di tukang keur semesan sosoranganan wae handapeun tangkal kopo."
Imat, "Haaarr...ari nini, piraku maen batminton sosoranganan?"
Nini, "Lain keur batminton, tapi keur semesan, eta geuning nu sok dipencetan ku indung leungeun make hempon."
Imat, "Oohh...sanes semesan atuh Ni, tapi SMS-an eta mah. Kunaon dipencetana ku indung leungeun henteu ku cinggir nya Ni?"
Nini, "Bieung ah, teu nyararaho kuring mah."
Imat, "Ari cinggir mah paranti meresihan rorompok korong."
Nini, "Nurustunjung siah, kuring keur ngawedang yeuh!"
Imat, "He-he, punen Ni, heureuy. Mangga atuh, rek ka tukang nyampeur si Nana, bisi kumaha onam..!"
Nini, "Nos! Kaditu sampeurkeun bege!"
saur abdi mah lucu da.. bojeg saur barudak sakola mah..
baraya nu sanesna pami ngagaduhan cerita basa sunda deui, mangga atuh dibagi-dibagi